CEK SKTP TUNJANGAN PROFESI GURU

CARA CEK SKTP TUNJANGAN PROFESI


Di postingan ayena simkuring bade nerangken saalit perkawis cek SKTP kanggo PTK, punten sateacana bahasana rada balelol maklum nulisna saparantos tuang jengkol + sambel bangar, janten rada sehah...heheheee

Langgsung kana langkah-langkah cek data/login kanggo ningal hasil verivikasi PTK 2014 anu ayena-ayena tos seer anu ngakses, kumargi sieun datana teu paralid, padahal gampil upami teu palidmah kantun ka sanggirikeundi palidken. heheeee


1.  Pilih salahsawios links di palihan handap :

2.   Saatosna kabuka di halaman salasahiji links tadi kangge muka verifikasi dina kolom USER ID lebetken NUPTK kanggo anu teuacan sertifikasi, upami anu tos kenging sertifikasi lebetanana ngangge NRG.

3.  Dina kolom PASSWORD lebetan tahun lahir, bulan lahir sareng tanggal lahir PTK anu bade ngacek, kade sanes tanggal lahirna Presiden SBY. heheeeee.........Kieu contona tahun lahir 1950, bulan Januari, tanggal 20. berarti nyeratna kanggo PASSWORDna kedah (19500120)

4.  Saatosna ngesian anu dua kolom tadi kantun ngalebetan kode upami telepatmah naminateh CAPTCHA duka naon hartosnamah simkirung oge teu ngartos kedah naroskenana ka pa ASEP ODANG sepertosnamah....hahahaaaa. sakintena kode na kirang kahartos tiasa di gentos dei carana kantun klik gambar anu buled kangge nga refres kode.

5.   Anu terakhir panungtung tea klik tombol anu seratanana SUMBIT, tah tos kitumah kantun ngantosan bari nyuruput kopi hideung meh rada henteu deg-degan teuing.heeee


Sakitu panginten ti abdi, punten bilih aya cariosan nu nyungkelit kana manah nu tos ngaos. Haturnuhun parantos keresa lebet kana blog pribados. wasalammmm.....


Mudah-mudahan aya manfaat kangge sadayana aminnn

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

Contoh Program Kerja Perpustakaan SD

Download Kumpulan Wayang Golek Asep Sunandar mp3

Cara ambil uang di bapertarum bagi PNS